Kabersihan Di Lingkungan Oge Kabersihan Diri Urang Sautuhna
Assalamualaikum Wr, Wb.
Para hadirin anu dipihormat,
Alhamdulillahi rabbil’alamin. Puji sinareng sukur hayu urang panjatkan ka Alloh swt nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kayaan sehat wal’afiat.
Langkung ti payun abdi neda dihapunten, wireh parantos kumawutun nyanggem dina ieu acara. Dina kasempetan ieu sim abdi seja ngadugikeun biantara anu judulna Kabersihan Di Lingkungan Oge Kabersihan Diri Urang Sautuhna.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina segala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

Dina salah hiji hadits diterangkeun... Inna dhofatu minal iman. Nu hartosna : “ Kabersihan teh sabagian dari iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksud sareng tujuanna, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakolah oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para hadirin anu mulya,
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr, Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar